22 December 2009

Happy Mother's Day







Mother's Day Myspace Comments
MyNiceSpace.com



17 December 2009

Kaulinan Barudak



This is it. "Kaulinan Barudak" Memorize when I was sitting in Elementary School.
It's Sundanese song. I miss you all :)))






Bu guru 2 urang, keur arulin jeung barudak. Aya behel aya nu tepuk dara, nu suten bae jeung rea-rea deui. Jol bu guru duaan.

Bu guru  : Tah saha nu keur kumpul ngariung
Barudak : Yeuh abdi murid SD Lor tilu
Bu guru  : Sok atuh masing anteng arulin
Barudak : Yu ulin, maca nulis jeung ngitung

+- : Hahahah …. Heu heu heuideh
-   : Ulah loba reureuh diajar sing seubeuh
+- : Hahahah …. Heu heu heuideh
-   : Ulah loba ulin diajar sing seubeuh

Bu guru : Cing saha nu hayang jadi propesor
Barudak : Ah embung bisi botak jeung tidagor
Bu guru : Cing saha nu hayang jadi insinyur
Barudak : Ah embung bisi di PHK nganggur

+- : Hahahah …. Heu heu heuideh
-   : Mending jadi guru digugu ditiru
+- : Hahahah …. Heu heu heuideh
-   : Mending jadi sodagar beh tereh beunghar


--Jol tukang ronda make iket barangbang semplak bari mawa kokol engklak-engklakan--
Mun abdi pareng nincak dewasa
Bade ngabantu rukun tatangga
Rek milu jaga jeung ronda malam
Trong trong trong sora kokol ngelingan

--Jol tentara nyoren bedil engklak-engklakan--
Mun abdi pareng jadi tentara
Bade ngabdi ka nusa jeung bangsa
Mun aya jalma rek niat jail
Dor dor dor musuh paeh dibedil

--Jol jalma kaya make dasi di kameja di laken mawa iteuk--
Mun abdi pareng jadi nu kaya
Bade ngabantu kanu sangsara
Moal heman ku harta jeung banda
Sok sok sok rek dibagi walatra


--Jol kiai mawa Qur’an, pakean haji sorban lengkep--
Mun abdi pareng jadi kiai
Rek ngawuruk nu teu bisa ngaji
Ikhlas ibadah nu tanpa pamrih
A ba ta diajar ngaji heula

--Bareng sarerea--
Cing cangkeling manuk cingkleng cindeten
Plos ka kolong manuk bapa buleneng
Sing areling ibadah masing telaten
Tong loba bohong jadi jalma teh sing bener

Cing cangkeling manuk cingkleng cindeten
Plos ka kolong bapa satar buleneng
Sing caringcing mun ronda ulah ngahenen

Aya desa Jati Pamor
Jalanan ka Cihampelas
Ayeuna dibagi raport
Kuring bungah naek kelas 
Euleuh! Da naek kelas

Sasak panjang Cihampelas
Make ubin sapanjangna
Lamun hayang naek kelas
Ka sing rajin diajarna
Euleuh! Da diajarna

Mesin jait merek Singer
Dipake ngaput calana
Lamun urang hayang pinter
Kudu getol ngapalkeuna
Euleuh! da Ngapalkeuna

Oray orayan
Luar leor mapay sawah
Entong ka sawah
Mending silih pikanyaah

Oray orayan
Luar leor mapay kebon
Entong ka kebon
Dikebon loba nu bohong

Oray orayan
Luar leor mapay kota
Entong ka kota
Dikota sumber narkoba

Ayang ayanggung gung goong na rame
Menak ti mastani nu jadi wadona
Naha maneh kitu. Tukang olo – olo
Loba nu giruk, rukat jeung kompeni

Niat jadi pangkat katon kagorengan
Ngantos kanjeng dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka batawi ngemplong


**2004**

 

Thanks visitor :D

Shout here !

Name :
Web URL :
Message :
:) :( :D :p :(( :)) :x
Powered By Blogger

** Sunshine & Pearl ** Copyright © 2009 Flower Garden is Designed by Ipietoon for Tadpole's Notez Flower Image by Dapino